Choose a track to play
Pancuran, cai pancuran
Nu ngocor kana wahangan
Maseuhan ka pasawahan
Ku betah ninggal ngeplakna
Haréjo, acan waktuna
Nu tani meunang hasilna
Hoyong ninggal keur konéngna
Paré éta dialana
Hanjakal acan waktuna
Ku waraas kakuping nu keur panénna
Ceuk saha, duh, ceuk saha henteu kabita
Mun leumpang mapay-mapay pasawahan?
Ceuk saha, duh, ceuk saha taya éndahna
Mun ninggal pamandangan pilemburan?
Cur-cor cai pagunungan
Matak betah nu ninggalna
Hoyong ninggal keur konéngna
Paré éta dialana
Hanjakal acan waktuna
Ku waraas kakuping nu keur panénna
Ceuk saha, duh, ceuk saha henteu kabita
Mun leumpang mapay-mapay pasawahan?
Ceuk saha, duh, ceuk saha taya éndahna
Mun ninggal pamandangan pilemburan?
Cur-cor cai pagunungan
Matak betah nu ninggalna
Ku betah ninggal ngeplakna
Haréjo, acan waktuna
Nu tani meunang hasilna