Elige una pista para reproducir
Wengi ukur ninggal langit
Anu baranang béntangna
Ti beurang ninggal saéran
Anu teu eureun tembangna
Ningali ka palih kidul
Laut nu biru caina
Sakapeung aya parahu
Bébér layar, tarik jangkar
Langit ti mana luhurna?
Laut ti mana handapna?
Angin ti mana datangna?
Na di mana jeung di mana?
Kutan kieu karasana
Hirup nandangan tunggara
Iraha eureun ngalamun?
Iraha eureun kabingung?
Iraha eureun ngalamun?
Iraha eureun kabingung?
Wengi ukur ninggal langit
Anu baranang béntangna
Ti beurang ninggal saéran
Anu teu eureun tembangna
Ningali ka palih kidul
Laut nu biru caina
Sakapeung aya parahu
Bébér layar, tarik jangkar
Langit ti mana luhurna?
Laut ti mana handapna?
Angin ti mana datangna?
Na di mana jeung di mana?
Kutan kieu karasana
Hirup nandangan tunggara
Iraha eureun ngalamun?
Iraha eureun kabingung?
Iraha eureun ngalamun?
Iraha eureun kabingung?
Ningali ka palih kidul
Laut nu biru caina
Sakapeung aya parahu
Bébér layar, tarik jangkar