Elige una pista para reproducir
Boro-boro gedong méwah
Saung butut gé teu boga
Boro-boro mobil sédan
Baju hiji lésot mandi
Boro-boro rék nyumponan
Bulan madu ka Éropa
Ka Cibogo gé can bisa
Komo deui ka Chicago
Éstu akang nyaah ka Enéng
Tapi batan kieu
Akang téh jalma sangsara
Boro-boro gedong méwah
Saung butut gé teu boga
Boro-boro mobil sédan
Baju hiji lésot mandi
Aduh, kumaha jadina?
Horéng kieu lampah diri
Teu saluyu reujeung ati
Sagala hanteu laksana
Anu jadi kahayang
Aduh, éstuning kacida
Naha kudu salilana?
Hirup téh teu aya gunana
Ya Allah, geura unjukkeun
Jalan baris kahirupan
Aduh, keur Enéng nu dipicinta
Akang ukur boga rasa cinta nu sajati
Boro-boro gedong méwah
Saung butut gé teu boga
Boro-boro mobil sédan
Baju hiji lésot mandi
Aduh, kumaha jadina?
Horéng kieu lampah diri
Teu saluyu reujeung ati
Sagala hanteu laksana
Anu jadi kahayang
Aduh, éstuning kacida
Naha kudu salilana?
Hirup téh teu aya gunana
Ya Allah, geura unjukkeun
Jalan baris kahirupan
Aduh, keur Enéng nu dipicinta
Akang ukur boga rasa cinta nu sajati
Boro-boro gedong méwah
Saung butut gé teu boga
Boro-boro mobil sédan
Baju hiji lésot mandi
Éstu akang nyaah ka Enéng
Tapi batan kieu
Akang téh jalma sangsara
Boro-boro rék nyumponan
Bulan madu ka Éropa
Ka Cibogo gé can bisa
Komo deui ka Chicago