Elige una pista para reproducir
(Aduh, Jang Oman)
(Éta lebar nya, nu balangor téh meuni gareulis geuningan nya?)
(Éta teu ngarti, da nu gareulis nu loba nu bangor mah geuningan)
(Nu awon mah da, nya, sarua wé kétang)
Panonna alus, irung alus, biwir alus
Ditempo ti hareup, ti gigir mani mulus
Ngan hanjakal pisan, kalakuan siga sétan
Gunta-ganti jalu, teu sirikna unggal minggu
Naha ku naon nu geulis loba nu bangor?
Naha ku naon nu bangor loba nu geulis?
Sigana mah ngarasa asa aing hadé rupa, Jang Oman
Bisa payu ka sasaha, tungtungna jadi cilaka
Kulit kelir, konéng cangkang cau
Huntuna bodas tipung tarigu
Biwir beureum, beureum jawér hayam
Panon coklat kopi susu
Ngan naha atuh bet dimumurah?
Géblég, hirup daék jadi runtah
Ulah bangga bisa gunta-ganti jalu
Komo jeung poho dibaju
(Kadé nya)
(Kawas hirup jaman batu wé, baheula)
(Cik, sing isin atuh kana bulucun téh)
Panonna alus, irung alus, biwir alus
Ditempo ti hareup, ti gigir mani mulus
Ngan hanjakal pisan, kalakuan siga sétan
Gunta-ganti jalu, teu sirikna unggal minggu
Naha ku naon nu geulis loba nu bangor?
Naha ku naon nu bangor loba nu geulis?
Sigana mah ngarasa asa aing hadé rupa meureun, Jang Oman
Bisa payu ka sasaha, tungtungna jadi cilaka
Kulit kelir, konéng cangkang cau
Huntuna bodas tipung tarigu
Biwir beureum, beureum jawér hayam
Panon coklat kopi susu
Ngan naha atuh bet dimumurah?
Géblég, hirup daék jadi runtah
Ulah bangga bisa gunta-ganti jalu
Komo jeung poho dibaju